Rabu, 11 Maret 2015
jampe pamake sunda
JAMPE PAMAKE
JAMPE PAMAKE
Jampe NGUSEUP I
Kuat kait sisirintil
Kanjut ngait kana itil
Clom giriwil.....3X
Jampe NGUSEUP II
Aki Rékrék Turaya
Aing nya pangkonan sia
Bayu mas nu lénggang patih
Bayu emas nu lénggang hérang
Bumi meneng bayu meneng
Ku sangkilat ku moncorong
Jampe NGUSEUP III
Ratna putih sang ibu putih
Undur ku sangkilat sakti
Nya isun sang demi jati
Jampe ngubaran nu RAHEUT
Bismillahir rohman nirrohim
Hu dat herang langgeng anu nyurup kana nyawa
Ras kala jeung eling aya di Gusti anu nyanding
Gerak kawasa anu manjing hak kalam jeung mutakalimun
Jaya wisesa aya di kaula hirup waluya asal biasa
Hak cageur (3x), cager ku kersa hayat
Jampe Nyarang Hujan
Mega mengkol ka kulon
Haseup mawa ka kaler
Hujan mawa ngetan
Tungkul tuluy ka kidul
Aki tumenggung ajeg di tengah panggung
Disered meped ngaler, ngetan, ngidul, ngulon
Laahaula wala quwwata illa billaah
Jampe Awet Ngora
nyiuk sinujum mara sinum, hiyang sinum barasatan,
nu ngariung siga tunggul, nu ngalayah siga kalakay,
ulah mupul sari aing, ulah mupul sisi aing,
ulah mupul sila aing, sari si itu si éta,
cahaya beunang ku aing
Rarakan Nyi Pohaci
Hihid kekeper iman
Nyiru tamprak ning iman
Dulang ketuk ning iman
Parako bengker ning iman
Hawu dungkuk ning iman
Suluh solosod ning iman
Seeng kukus ning iman.
Jampe Padjadjaran
Berkingkin jer kejo ketan
dihalang ku telon tembok
keuyeup naek langke
kayu dibetot..(sorodot pros )
karek we bebas
Qulhu nangtung (Paragi ngubaran nu Encok,rheumatic jll)
Qulhu nangtung rohim ngedeng
Rohim anu ngecos urat geutih
Mengkel sari hade sang peuleutik putih
Sang parapat herang sia ngaleungan
Aing nyaho ka ngaran sia Geutih meuting dina kulit
Darah ngenong dina cekol Anta boga kuku bima
Nya aing anu nyekelan ratuna
Brajamustina manusia
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar